Bissmilahrohmanirohim
Innal hamdalillah nahmahduhu waa nasta inuhu
Wanastagfiruhhu wanaudzubillaah ,min syururi amfusina ,wa sayiati amalina
Mayahdihilah,wamayyudlill palahadialah
Ashadualailahailalloh wahdahulasyarikalah,lahulmulku walahul hamdu,yuhyi wayumitu ala kuli syain qoddir
Tata cara pidato
Kamis, 09 Juli 2015
Minggu, 13 Juli 2014
BISMILAHIROHMANIROHIIM, DINA SURAT AN NISA AYAT 19 PARANTOS KAUNGGEL PIDAWUH ALLOH, KIEU
Anu hartosna Yeuh jalma jalma nu ariman teu halal pikeun maraneh maksa awewe awewe di jieun saperti warisan,jeung maraneh ulah ngaahalng halang kawin maranehna kulantaran hayang mibanda sabagian tisa saneskara harta anu ku maraneh geus dibikeun kamaranehna,kajaba lamun maranehna ngalampahkeun fahisyah ,atawa jinah, kalawan jelas jeung prak geura campur gaul jeung maranehna ( pamajikan)kalawan car aanu hade ,Tuluy upama maraneh henteu suka kamaranehna,muga muga dina perkara anu teu di pisuka ku maraneh teh alloh ngadamel kahadean nu kacida lobana
a
Mamaos memang raos kadanguna
Galindeng cianjuran ngahudang rasa
Kitu deui
Dua tetep ngagedurkeun geter geter asih
Janten pasini janji seja laki rabi
Kiwari cunduk di waktu ninggang di mangsa
Nitih wanci nu mustari ayi TAUFIK HIDAYAT sareng neng ..........
Didahupkeun di balenyuncung
Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,
Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa odang ALM ti ciruum sareng kulawarga Bapa .......ti ......... oge kalih ti eta...
Simkuring asmana pun biang , Bapa odang alm, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin sadaya Ari maksadna mah, , seja masrahkeun putrana, Jang taufik hidayat anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa ....., Néng ..... Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung sok sanos letik nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa.............sakalih kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Ofik sareng Néng .... téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan. Tah kitu Pa ,,,,,,, simkuring asmana pun biang ,Ibu Rohayati nyérénkeun Jang opik téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.simkuring mah percanten ka Néng ......, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan. atuh ujang taufik hidayat Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah
kadua ibadah
upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)
Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian
upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma fii khoir .Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan. Boh bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.
Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا يَحِلُّ لَكُمْ أَنْ تَرِثُوا
النِّسَاءَ كَرْهًا وَلَا تَعْضُلُوهُنَّ لِتَذْهَبُوا بِبَعْضِ
مَا آتَيْتُمُوهُنَّ إِلَّا أَنْ يَأْتِينَ بِفَاحِشَةٍ مُبَيِّنَةٍ
وَعَاشِرُوهُنَّ بِالْمَعْرُوفِ فَإِنْ كَرِهْتُمُوهُنَّ
فَعَسَىٰ أَنْ تَكْرَهُوا شَيْئًا وَيَجْعَلَ اللَّهُ فِيهِ خَيْرًا
كَثِيرًا

NASKAH PIDATO 17 AGUSTUS

Berikut Naskah Pidato Naskah Pidato HUT RI, 17 Agustus
Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.
Yang terhormat Bapak ...
Yang terhormat Bapak Ketua RW ...
Yang terhormat Bapak Ketua RT ...
Dan hadirin sekalian yang kami muliakan!
Merdeka! Merdeka! Merdeka!
Marilah kita panjatkan puji syukur kehadirat Allah Subhanahu wa Ta’ala, karena atas limpahan rahmat dan hidayah-Nya, pada hari ini kita semua masih diberi kesempatan untuk ikut serta memeriahkan acara hari ulang tahun kemerdekaan Negara Republik Indonesia yang ke-(...) dalam keadaan sehat wal-afiat.
Selanjutnya dengan memperingati hari ulang tahun kemerdekaan kita ini kami berharap, semoga kita lebih meningkatkan rasa cinta kita pada tanah air dan bangsa, lebih meningkatkan daya juang kita terhadap bangsa dan negara, lebih mempersatukan jiwa dan segenap raga kita untuk memperkokoh persatuan dan kesatuan bangsa.
Hadirin sekalian yang berbahagia, jika kita kenang perjuangan para pahlawan tahun 1945 maka terlintas jelas di benak kita bahwa semangat pertempuran yang bagaikan api yang tak kunjung padam itu begitu hebat menyatu pada jiwa para pahlawan pejuang 45 itu. Namun demikian tak kalah pentingnya dengan peran kita semua sekarang ini. Perjuangan belumlah selesai. Korban telah banyak berjatuhan maka marilah kita tingkatkan terus jiwa dan semangat 45, dengan mewujudkan jiwa pembangunan yang tangguh.
Kemakmuran berdasarkan keadilan dan Ketuhanan Yang Maha Esa belum kita capai. Untuk itu masih banyak yang harus kita perjuangkan. Kemerdekaan sebagai warisan para pahlawan kita ini hendaknya kita isi dengan jiwa pembangunan tanpa mengenal kepentingan pribadi terlebih dahulu.
Jiwa dan semangat 45 ialah jiwa dan semangat kebersamaan. Jiwa yang mendahulukan kepentingan bersama di atas kepentingan golongan. Untuk itu pula maka kita wajib menigkatkan rasa solidaritas berbangsa dan bernegara. Persatuan dan kesatuan nasional lebih di atas kepentingan kita secara pribadi dan golongan. Tumbuhkan terus semangat kebersamaan dalam memperjuangkan cita-cita kemerdekaan.
Insya Allah harapan bangsa Indonesia mencapai kehidupan yang adil dan makmur berdasarkan Pancasila dan Undang-Undang Dasar 1945 dengan ridla Allah Subhanahu wa Ta’ala tercapai dengan menumbuhkan semangat persatuan dan kesatuan nasional Indonesia. Amin, amin, yaa robbal ‘alamin.
Akhirul kata, selamat berjuang, selamat membangun bangsa dan negara kita tercinta in
Jumat, 16 Mei 2014
pidato nyerenkeun panganten,jeung narima calon panganten
Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,
Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa H. Among Suryabarata ti Bandung sareng kulawarga Bapa Éméd Latipah ti Kalimatan Timur. Sumuhun, ari sonona mah nataku, da puguh urang téh kasapih ku tebih kahalang ku anggang.
Simkuring asmana pun lanceuk, Bapa Éméd, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin. Ari maksadna mah, sakumaha anu diharéwoskeun ku anjeunna sababaraha dinten kalarung, seja masrahkeun putrana, Jang Omad Kadaluwarsa anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa Among, Néng Siti Sapuratina. Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung nya badag nya hideung, nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa Among ogé tangtos parantos uninga, réhna pun lanceuk, gaduh putra anu sakitu cicingeunana. Duka dusun, duka mémang tos watekna, dugi ka umur 27 téh bangun anu henteu hir-hir begér. Gawéna ulukutek di kamar. Sigana sono kénéh ka buku ti batan ka nu lenjang téh. Atuh puguh pun lanceuk guling-gasahan, inggis ku bisi Jang Omad kumaha onam, malum jaman ayeuna seueur kacarioskeunana. Pun lanceuk mah apan sok togmol pisan: “Naha ari manéh teu hayang boga pamajikan? Kuliah geus tamat, gawé geus boga, umur geus manjing, tapi siga nu euweuh haté ka awéwé,” kitu saur pun lanceuk téh. Ari walerna: “Upami tos aya jodona mah, moal ka mana!”
Ari sataun kapengker, Jang Omad alangah-éléngéh, badé waléh tayohna téh. Cenah geus kaimpleng pibojoeunana, malah geus paheut rék teras ngawangun rumah tangga. Bingah tur panasaran pun lanceuk téh, énggal baé ditalék: “Mana atuh? Cik wanohkeun ka Bapa,”. Walerna téh: “Da abdi gé teu acan tepang!”. Beu! Na ari barudak ayeuna.
Sihoréng simanahoréng, anu dipicangcam ku Jang Omad, nya urang dieu pisan, urang Bandung. Kantenan sesah patepang, wantuning Bandung-Samarinda téh apan kalintang tebihna. Barudak téh wawanohan dina … duh na aya ku hilap, mana Jang Omad? (rarat-rérét) Dina naon cenah, Sujang? Tah, éta, dina internit, aéh na létah téh, in-ter-nét. Teu apal nu kararitu kolot mah. Da éta wé, ka dituna téh maké jeung cutang-céting sagala, terus silih kirim potrét.
Najan jonghokna di dunya maya, tapi apan jodo mah Anjeun-Na Anu Uninga. Bet terus dicukcruk pancakakina, geuning pun lanceuk téh rék bébésanan jeung baraya, atuh sasatna asa diaku dulur. Sumuhun, baraya kasebatna, da papada urang Sunda. Najan pun lanceuk tos 15 taun ngumbara di Kalimantan, nanging ari ka lembur mah angger baé nineung. Bingah, bingah nu taya papadana.
Langkung bingah deui, basa Jang Omad ngajak nganjang ka lemah Sunda, nepangan bébéné dina internét téa. Opat sasih kapengker, alhamdulillah pun lanceuk tiasa jonghok sareng kulawarga Pa Among, anu saterasna ngararancang pikeun ngadahupkeun Jang Omad ka Néng Siti. Henteu lepat tina pirasat, manahoréng anu diimpleng ku Jang Omad téh sanés istri joré-joré. Geulis rupa geulis haté. Sumuhun éta gé, barudak urang téh hirup dina jaman moderén, nanging geuning henteu lali ka purwadaksi, masih kénéh ngajénan adat titinggal karuhun. Buktosna mah, barudak meredih sangkan dina waktuna panganténan téh maké adat budaya Sunda, sanés ku budaya anu jolna ti nagara deungeun. Sanaos Néng Siti sakitu paséhna nyarios basa Inggris, sanaos Jang Omad sakitu hatamna kana komputer, tapi henteu mopohokeun ajén-inajén Sunda. Tah, éta pisan nu matak bingah téh.
Nguningakeun baé ieu mah, pun lanceuk téh, kalebet simkuring, 15 taun kapengker ngumbara ka Kalimantan, ngiringan transmigrasi. Alhamdulillah pinanggih sareng kamarasan, dugi ka ngadegkeun Pakumpulan Urang Sunda, ti dituna mah hoyong ngiring ngamumulé basa sareng budaya bantun ti lembur. Janten teu kedah hariwang, sanaos 15 taun janten urang Samarinda, ari niup suling sareng metik kacapi mah insya Alloh tiasa kénéh. Tuh, pan, bet jig-jig kana kacapi.
Bapa Among miwah Ibu sakalih, kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Omad sareng Néng Siti téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan. Biasana saré téh … aéh, na bet jig-jig kana saré. Tah kitu Pa Among, simkuring asmana pun lanceuk nyérénkeun Jang Omad téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.
Ari haté mah simkuring téh parantos yakin, badé pédé baé, Jang Omad tangtos ditampi ku kulawarga Pa Among di Bandung. Nanging, kanggo langkung ngantebkeun pamaksadan, nya seja nalék sakali deui. Bilih baé, Néng Siti teras ngolémbar, malum pun alo mah sakitu buktosna. Ku émutan, ti batan ngolémbar engkéna, nya mending balaka baé ti ayeuna. Papadaning kitu, simkuring mah percanten ka Néng Siti, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.
Atuh Jang Omad, simkuring wantun ngajamin, dugi ka ayeuna masih kénéh ngait ka Néng Siti. Simkuring minangka sepuhna, tangtos isin binarung wéra upama Jang Omad lanca linci. Leres pisan deuih, Jang Omad téh masih kénéh nyorangan, teu acan kantos rimbitan. Dijamin teu aya watek cunihin, Néng Siti téh éstuning anu munggaran, sareng mudah-mudahan deuih janten anu pamungkas.
Simkuring saparakanca dongkap ka dieu, tebih-tebih ti Kalimantan, éstuning teu jingjing teu bawa téh sanés ukur lalambé. Kaémut panginten, kumaha riweuhna. Tadina badé nungtun munding, mung teu kasawang kumaha marabanana, kacipta kalahka begang di jalan. Ngabantun bungbuahan, kuriak buruk mantén. Tungtungna mah ngaligincing. Ongkoh asa kabebereg ku calon pangantén nu bangun teu sabar. Sajajalan téh ngan SMS-an baé, “antosan geulis, sakedap deui,” cenah, padahal nembé jrut ka buruan.
Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan.

pidato serah trima panganten
Hadirin anu dimulyakeun, para tamu /rombongan anu jajap panganten pameget anu dipihormat!
Alhamdulillah kalayan rahmat Allah anu Agung urang sadaya parantos
tiasa riung mungpulung, anging takdir ti Ilahi, urang tiasa silaturahmi
dina ieu wanci anu mustari, pangersa Allah anu maha Kawasa, tepang rasa,
tepang basa, sareng kanca mitra sadaya.Teu aya sanes anu janten cukang lantaran, ku tepungna tantung, pacangreudna deudeuh, patalina asih, tug dugika jatukramina laki rabi tuang putra Nyi Iteung ka pun anak Kabayan anu kalayan takdir Ilahi parantos waluya bagja rahayu anu dituju, tinekanan diwalimahan dina dinten ieu Senin, 1 Juli 2010.
Hadirin anu mulya, para tamu rombongan panganten, utamina sepuh panganten pameget! Langkung ti payun seja sanduk-sanduk, mugia agung cukup lumur, jembar hapunten anu kasuhun rehing dina tata titi, duduga peryoga, tata cara kumaha kedahna nampi tamu, estu tumamu, tebih tina nyumponan kautamian, estuning walurat pisan. Hapunten sanes henteu ngutami, atanapi kirang hormat, namung nya sakieu kabuktosannana anu kadada kaduga. Ari karep mah hoyong nyugemakan, namung pakeun anu henteu tiasa dipinding-pinding, estu nya sakieu kabuktosanana.
Para hadirin anu mulya, rombongan panganten pameget, kalih sepuh panganten pameget sarimbit!
Jisim kuring kalayan asmana pun anak seja nyambung saur, ngadugikeun gerentes ati anu kagungan maksad, nyatana sepuh panganten istri geusan nampi papasrahan ti pihak sepuh panganten pameget anu parantos ngadugikeun kalayan jentre merele, atra nyata, anu direka ku basa anu ngahudang rasa, estu kahartos pisan sartas saluyu sareng lelembutan, naon anu dipimaksad.
Kukituna dina ieu wanci anu mustari mugi disaksi sim kuring seja nampi, kalayan Nyebat asma Allah anu welas asih, ting silumanting, baeu anaking, ditampi ku asih wening trang silumejang, si ujang muga kenging kabagjaan, sadami renghapna, sakujur jasadna, getihna satetes, buukna salambar. Gumulung tangtung hirup huripna. Sumanding jirim raga badag jeung lembutna Seja disanggakeun ka anu kagungan sareng anu nyiptakeun Allah Robbul Alamin. Diraksa dijaring ku welas asihna Gusti Nu Maha Suci tur Maha Rohman Maha Rohim. Muga pinareng panjang punjung kalayan ridho Anu Maha Agung, rumah tangga bagja waluya, di dunya tug dugi ka alam baqa, Amin Ya Robbal ‘alamin.
Dirina ditampi, maksadna ditarima, oge ruruba pangjajap, cacandakan anu sakitu seueurna, sareng nyugemakannana, ditampi ku asta kalih, tumamprak panangan muji syukur, tasyakur bini’mah, kana rizki welas asihna Gusti, anu kalayan karidoan galih pinuh ku kaiklasan manah parantos dipasihkeun/ dipasrahkeun ka pihak sepuh panganten istri.
Mudah-mudahan sing jadi barokah, jadi amal kasaean kanggo anu masrahkeunana, muga jadi kamangfaatan dunya aherat kanggo anu nampina. satemenna kakangen ati kalayan sareng kareueus ku parantos cunduk waktu sareng dipasrahkeun.
Anaking! anak bapa teu wasa ngagambarkeun ku basa, teu mahi kumaha kedahna males budi ka nu janten sepuhna panganten pameget sareng rombogan, anu sami-sami jajap, anu parantos masihan ajen pinuji ka sim kuring sakulawarga, utamina ka pun anak. Sadaya kasaean seja disanggakeun ka Anu Maha Adil, maha Wijaksana, ka Allah Anu welas asih, mugia dijantenkeun amal kasaean. Amiin.
Rupina lisan panampian dicekapkeun sakieu, Atuh salajengna oge sakedik amanat anu mangrupikeun tali asih simpay kanyaah, mudah-mudahan sing jadi pamatri enggoning laki rabi, pangrumat rumah tangga, jadi obor dimana poek, jadi kamudi bahterana laki rabi.
Mugi diregepkeun ku Ujang Nyai Panganten jeler istri. Anaking! Poe ieu hidep narima amanat. Pek buktikeun tangungjawab hidep kana ieu amanat. Anu hakekatna amanat ti Gusti Allah. Pek geura tatan-tatan, tarik jangkah beber layar, ngajugjug kana pulo pangharepan hidep duaan.
Anaking! Coba lenyepan ieu amanat Luqmaul Hakim ka putrana. Wahai anaking! Kahirupan teh lir ibarat samudra, jerona satunjang jagat, legana parat ka langit. Pengeusina salaksa haq, saketi batil, hade goreng bagja cilaka pagaliwota, sorangeun piliheun hidep duaan. Anaking perhatikeun munggaran lesotna jangkar, bral miang nyandang harepan. Kapalna wujuding taqwa, eusina wajaning iman, umbul-umbulna Dinul Islam, padomananan nurut dawuh sunah Rasulullah SAW. Balabuhna lebah palataran katengtreman (tawakal alal Loh) Insya Allah kapal hidep baka kuat norobos lambak anu kuat di tengah-tengah sagara kahirupan.
Anaking, Prak geura lengkahkeun suku hidup duaan dina ngambah kahirupan anyar, kahirupan rumah tangga. Hiliwir angin kaasih, hulowatan kabagjaan mugia tinekaan bari ulah hilap ucapkeun.
Tutug anu dituju, tuntas anu diseja. Sakitu nya kedalna ieu rasa, anu kapaksa satiasa-tiasa diolah ku basa, anu tuna pangabisa, sih hapunten tangtos pakusut nyebut, pasolengkrah pasalia, caturna teu ka ukur ku ugeran, engangna teu di ungang engang, tata titina tebih ti utami, sih haksami anu dipamrih, mugia agung cukup lumur, jembar pangaputen tina sagala rupi kakiranganana.
Pidato pernikahan Dalam bahasa sunda
Bismillah
Alhamdulillah
Patepang di salaka maya
dilajengkeun di buana nyata
dua teuteup
ngagedurkeun geter-geter asih
janten pasini jangji:
seja laki rabi
kiwari
cunduk di waktu
ninggang di mangsa
nitih wanci nu mustari
ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng néng (Nami Panganten Istri) didahupkeun
di balé nyungcung
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) ,
Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)
Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:
kahiji ngeunaan aqidah
inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah
kadua ibadah
mamaos mémang raos kadanguna
galindeng cianjuran ngahudang rasa
tapi moal aya deui anu leuwih raos tur ngahudang rasa
iwal ti soanten ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ sareng neng (Nami Panganten Istri)
rampak ngagalindengkeun
ayat-ayat suci Al Qurân
upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah
kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)
pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)
Katilu akhlaq
Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat
Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan
sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga
kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana
salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang
kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung
Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya
Laki rabi ogé kedah tiasa ngaraketkeun tali silaturahmi
diantara dua kulawargi
kulawargi ayi (Nami Panganten Pameugeut) ti Ciamis sareng kulawargi néng (Nami Panganten Istri) ti Kuningan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya
Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian
Kaopat, cita-cita
Hirup kumbuh laki rabi
ulah ngan saukur diniatan dugi ka pakétrok iteuk
tapi kedah dicita-citakeun langkung tebih, nyaéta
tiasa riung mungpulungna anak incu kulawarga
di sawarga
ku kituna prinsip
jaga diri jeung kulawarga aranjeun tina sueneu naraka
kedah janten suluk anu janten cita-cita kulawarga
upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,
(kaping bulan taun)
sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran
bébér layar tarik jangkar
baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma
fii khoir

Selasa, 13 Mei 2014
PIDATO PERNIKAHAN
Assalamu'alaikum Wr.Wb
(Silahkan pilih mukadimah yang anda sukai)
Para undangan sekalian yang berbahagia dan kedua mempelai yang mulia, pada malam yang penuh dengan kebahagiaan ini terlebih dahulu marilah kita memanjatkan puji syukur kehadirat Allah atas karunia nikmat dan hidayah-Nya hingga saat ini bisa hadir pada acara pernikahan saudara ........... dengan ......... Dan mudah-mudahan nantinya akan diberikan kebahagiaan dan ketenangan dalam rumah tangganya. Amin ya rabbal alamin.
Mempelai berdua yang berbahagia, agama kita Islam telah memberikan petunjuk dalam membina kebahagiaan hidup berumah tangga, yaitu sesuai dengan firman Allah SWT pada surat An-Nisaa ayat 19:
Hadirin para undangan sekalian yang berbahagia!
Demikian Allah SWT juga telah berfirman pada surat Al-Baqarah ayat 228:
Para undangan sekalian yang berbahagia!
Kedua ayat tersebut telah memberikan petunjuk bagi suami agar berlaku baik dalam segala bidang urusan rumah tangga. Dan orang-orang yang beriman, dan menjadi sempurna keimanannya itu. Maka orang itu terbaik budi pekertinya. Hal itu sesuai dengan sabda Nabi Muhammad saw. yang artinya:
" Orang-orang yang mukmin yang paling sempurna imannya yang terbaik budi pekertinya. Dan orang yang pilihan diantara kamu ialah yang berbuat baik kepada istri-istri mereka"
Bahkan di dalam hadist yang lain diriwayatkan, bahwa Nabi Muhammad saw. ditanya oleh Muawiyah bin Haidah ra. Ya.. Rasulullah, apakah hak istri kita terhadap kita ini? Beliau menjawab, yang artinya:
" Hendaklah dia itu engkau beri makan sebagaimana engkau makan, engkau beri pakaian sebagaimana yang engkau pakai, janganlah engkau memukul muka, janganlah engkau mengolok-olok dan janganlah engkau pindah tempat tidur kecuali serumah". (HR. Abu Dawud)
Para Hadirin undangan sekalian yang berbahagia!
Demikian sedikit penjlasan dari kami ini. Kurang lebihnya kami mohon maaf yang sebesar-besarnya. Akhirul Kalam
Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuhu
(Silahkan pilih mukadimah yang anda sukai)
Para undangan sekalian yang berbahagia dan kedua mempelai yang mulia, pada malam yang penuh dengan kebahagiaan ini terlebih dahulu marilah kita memanjatkan puji syukur kehadirat Allah atas karunia nikmat dan hidayah-Nya hingga saat ini bisa hadir pada acara pernikahan saudara ........... dengan ......... Dan mudah-mudahan nantinya akan diberikan kebahagiaan dan ketenangan dalam rumah tangganya. Amin ya rabbal alamin.
Mempelai berdua yang berbahagia, agama kita Islam telah memberikan petunjuk dalam membina kebahagiaan hidup berumah tangga, yaitu sesuai dengan firman Allah SWT pada surat An-Nisaa ayat 19:
يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا يَحِلُّ لَكُمْ أَنْ تَرِثُوا
النِّسَاءَ كَرْهًا وَلَا تَعْضُلُوهُنَّ لِتَذْهَبُوا بِبَعْضِ
مَا آتَيْتُمُوهُنَّ إِلَّا أَنْ يَأْتِينَ بِفَاحِشَةٍ مُبَيِّنَةٍ
وَعَاشِرُوهُنَّ بِالْمَعْرُوفِ فَإِنْ كَرِهْتُمُوهُنَّ
فَعَسَىٰ أَنْ تَكْرَهُوا شَيْئًا وَيَجْعَلَ اللَّهُ فِيهِ خَيْرًا
كَثِيرًا
النِّسَاءَ كَرْهًا وَلَا تَعْضُلُوهُنَّ لِتَذْهَبُوا بِبَعْضِ
مَا آتَيْتُمُوهُنَّ إِلَّا أَنْ يَأْتِينَ بِفَاحِشَةٍ مُبَيِّنَةٍ
وَعَاشِرُوهُنَّ بِالْمَعْرُوفِ فَإِنْ كَرِهْتُمُوهُنَّ
فَعَسَىٰ أَنْ تَكْرَهُوا شَيْئًا وَيَجْعَلَ اللَّهُ فِيهِ خَيْرًا
كَثِيرًا
Artinya:
Hai orang-orang yang beriman, tidak halal bagi kamu mempusakai wanita dengan jalan paksa dan janganlah kamu menyusahkan mereka karena hendak mengambil kembali sebagian dari apa yang telah kamu berikan kepadanya, terkecuali bila mereka melakukan pekerjaan keji yang nyata. Dan bergaullah dengan mereka secara patut. Kemudian bila kamu tidak menyukai mereka, (maka bersabarlah) karena mungkin kamu tidak menyukai sesuatu, padahal Allah menjadikan padanya kebaikan yang banyak. (QS: An-Nisaa Ayat: 19)
Hai orang-orang yang beriman, tidak halal bagi kamu mempusakai wanita dengan jalan paksa dan janganlah kamu menyusahkan mereka karena hendak mengambil kembali sebagian dari apa yang telah kamu berikan kepadanya, terkecuali bila mereka melakukan pekerjaan keji yang nyata. Dan bergaullah dengan mereka secara patut. Kemudian bila kamu tidak menyukai mereka, (maka bersabarlah) karena mungkin kamu tidak menyukai sesuatu, padahal Allah menjadikan padanya kebaikan yang banyak. (QS: An-Nisaa Ayat: 19)
Hadirin para undangan sekalian yang berbahagia!
Demikian Allah SWT juga telah berfirman pada surat Al-Baqarah ayat 228:
وَالْمُطَلَّقَاتُ يَتَرَبَّصْنَ بِأَنْفُسِهِنَّ ثَلَاثَةَ قُرُوءٍ
وَلَا يَحِلُّ لَهُنَّ أَنْ يَكْتُمْنَ مَا خَلَقَ اللَّهُ فِي
أَرْحَامِهِنَّ إِنْ كُنَّ يُؤْمِنَّ بِاللَّهِ وَالْيَوْمِ الْآخِرِ
وَبُعُولَتُهُنَّ أَحَقُّ بِرَدِّهِنَّ فِي ذَٰلِكَ إِنْ أَرَادُوا
إِصْلَاحًا وَلَهُنَّ مِثْلُ الَّذِي عَلَيْهِنَّ بِالْمَعْرُوفِ
وَلِلرِّجَالِ عَلَيْهِنَّ دَرَجَةٌ وَاللَّهُ عَزِيزٌ حَكِيمٌ

Wanita-wanita yang ditalak handaklah menahan diri (menunggu) tiga kali quru´. Tidak boleh mereka menyembunyikan apa yang diciptakan Allah dalam rahimnya, jika mereka beriman kepada Allah dan hari akhirat. Dan suami-suaminya berhak merujukinya dalam masa menanti itu, jika mereka (para suami) menghendaki ishlah. Dan para wanita mempunyai hak yang seimbang dengan kewajibannya menurut cara yang ma´ruf. Akan tetapi para suami, mempunyai satu tingkatan kelebihan daripada isterinya. Dan Allah Maha Perkasa lagi Maha Bijaksana.(QS: Al-Baqarah Ayat: 228)
Wanita-wanita yang ditalak handaklah menahan diri (menunggu) tiga kali quru´. Tidak boleh mereka menyembunyikan apa yang diciptakan Allah dalam rahimnya, jika mereka beriman kepada Allah dan hari akhirat. Dan suami-suaminya berhak merujukinya dalam masa menanti itu, jika mereka (para suami) menghendaki ishlah. Dan para wanita mempunyai hak yang seimbang dengan kewajibannya menurut cara yang ma´ruf. Akan tetapi para suami, mempunyai satu tingkatan kelebihan daripada isterinya. Dan Allah Maha Perkasa lagi Maha Bijaksana.(QS: Al-Baqarah Ayat: 228)
Para undangan sekalian yang berbahagia!
Kedua ayat tersebut telah memberikan petunjuk bagi suami agar berlaku baik dalam segala bidang urusan rumah tangga. Dan orang-orang yang beriman, dan menjadi sempurna keimanannya itu. Maka orang itu terbaik budi pekertinya. Hal itu sesuai dengan sabda Nabi Muhammad saw. yang artinya:
" Orang-orang yang mukmin yang paling sempurna imannya yang terbaik budi pekertinya. Dan orang yang pilihan diantara kamu ialah yang berbuat baik kepada istri-istri mereka"
Bahkan di dalam hadist yang lain diriwayatkan, bahwa Nabi Muhammad saw. ditanya oleh Muawiyah bin Haidah ra. Ya.. Rasulullah, apakah hak istri kita terhadap kita ini? Beliau menjawab, yang artinya:
" Hendaklah dia itu engkau beri makan sebagaimana engkau makan, engkau beri pakaian sebagaimana yang engkau pakai, janganlah engkau memukul muka, janganlah engkau mengolok-olok dan janganlah engkau pindah tempat tidur kecuali serumah". (HR. Abu Dawud)
Para Hadirin undangan sekalian yang berbahagia!
Demikian sedikit penjlasan dari kami ini. Kurang lebihnya kami mohon maaf yang sebesar-besarnya. Akhirul Kalam
Wassalamu'alaikum Warahmatullahi Wabarakaatuhu
Langganan:
Postingan (Atom)