Assalamu’alaikum Wr. Wbr.
Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,
Alhamdulillah,
ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung,
kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara
kulawarga Bapa H. Among Suryabarata ti Bandung sareng kulawarga Bapa
Éméd Latipah ti Kalimatan Timur. Sumuhun, ari sonona mah nataku, da
puguh urang téh kasapih ku tebih kahalang ku anggang.
Simkuring
asmana pun lanceuk, Bapa Éméd, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun
para hadirin. Ari maksadna mah, sakumaha anu diharéwoskeun ku anjeunna
sababaraha dinten kalarung, seja masrahkeun putrana, Jang Omad
Kadaluwarsa anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa Among, Néng Siti
Sapuratina. Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya
jangkung nya badag nya hideung, nanging dina surun-sérén calon pangantén
mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya
kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa Among ogé tangtos
parantos uninga, réhna pun lanceuk, gaduh putra anu sakitu cicingeunana.
Duka dusun, duka mémang tos watekna, dugi ka umur 27 téh bangun anu
henteu hir-hir begér. Gawéna ulukutek di kamar. Sigana sono kénéh ka
buku ti batan ka nu lenjang téh. Atuh puguh pun lanceuk guling-gasahan,
inggis ku bisi Jang Omad kumaha onam, malum jaman ayeuna seueur
kacarioskeunana. Pun lanceuk mah apan sok togmol pisan: “Naha ari manéh
teu hayang boga pamajikan? Kuliah geus tamat, gawé geus boga, umur geus
manjing, tapi siga nu euweuh haté ka awéwé,” kitu saur pun lanceuk téh.
Ari walerna: “Upami tos aya jodona mah, moal ka mana!”
Ari sataun
kapengker, Jang Omad alangah-éléngéh, badé waléh tayohna téh. Cenah
geus kaimpleng pibojoeunana, malah geus paheut rék teras ngawangun rumah
tangga. Bingah tur panasaran pun lanceuk téh, énggal baé ditalék: “Mana
atuh? Cik wanohkeun ka Bapa,”. Walerna téh: “Da abdi gé teu acan
tepang!”. Beu! Na ari barudak ayeuna.
Sihoréng simanahoréng, anu
dipicangcam ku Jang Omad, nya urang dieu pisan, urang Bandung. Kantenan
sesah patepang, wantuning Bandung-Samarinda téh apan kalintang tebihna.
Barudak téh wawanohan dina … duh na aya ku hilap, mana Jang Omad?
(rarat-rérét) Dina naon cenah, Sujang? Tah, éta, dina internit, aéh na
létah téh, in-ter-nét. Teu apal nu kararitu kolot mah. Da éta wé, ka
dituna téh maké jeung cutang-céting sagala, terus silih kirim potrét.
Najan
jonghokna di dunya maya, tapi apan jodo mah Anjeun-Na Anu Uninga. Bet
terus dicukcruk pancakakina, geuning pun lanceuk téh rék bébésanan jeung
baraya, atuh sasatna asa diaku dulur. Sumuhun, baraya kasebatna, da
papada urang Sunda. Najan pun lanceuk tos 15 taun ngumbara di
Kalimantan, nanging ari ka lembur mah angger baé nineung. Bingah, bingah
nu taya papadana.
Langkung bingah deui, basa Jang Omad ngajak
nganjang ka lemah Sunda, nepangan bébéné dina internét téa. Opat sasih
kapengker, alhamdulillah pun lanceuk tiasa jonghok sareng kulawarga Pa
Among, anu saterasna ngararancang pikeun ngadahupkeun Jang Omad ka Néng
Siti. Henteu lepat tina pirasat, manahoréng anu diimpleng ku Jang Omad
téh sanés istri joré-joré. Geulis rupa geulis haté. Sumuhun éta gé,
barudak urang téh hirup dina jaman moderén, nanging geuning henteu lali
ka purwadaksi, masih kénéh ngajénan adat titinggal karuhun. Buktosna
mah, barudak meredih sangkan dina waktuna panganténan téh maké adat
budaya Sunda, sanés ku budaya anu jolna ti nagara deungeun. Sanaos Néng
Siti sakitu paséhna nyarios basa Inggris, sanaos Jang Omad sakitu
hatamna kana komputer, tapi henteu mopohokeun ajén-inajén Sunda. Tah,
éta pisan nu matak bingah téh.
Nguningakeun baé ieu mah, pun
lanceuk téh, kalebet simkuring, 15 taun kapengker ngumbara ka
Kalimantan, ngiringan transmigrasi. Alhamdulillah pinanggih sareng
kamarasan, dugi ka ngadegkeun Pakumpulan Urang Sunda, ti dituna mah
hoyong ngiring ngamumulé basa sareng budaya bantun ti lembur. Janten teu
kedah hariwang, sanaos 15 taun janten urang Samarinda, ari niup suling
sareng metik kacapi mah insya Alloh tiasa kénéh. Tuh, pan, bet jig-jig
kana kacapi.
Bapa Among miwah Ibu sakalih, kitu deui wargi sepuh
sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Omad sareng Néng
Siti téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh
cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga,
asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa
diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga,
tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék
ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker
ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah
kudu diatur ku duaan. Biasana saré téh … aéh, na bet jig-jig kana saré.
Tah kitu Pa Among, simkuring asmana pun lanceuk nyérénkeun Jang Omad téh
sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu
nyampak dina dirina.
Ari haté mah simkuring téh parantos yakin,
badé pédé baé, Jang Omad tangtos ditampi ku kulawarga Pa Among di
Bandung. Nanging, kanggo langkung ngantebkeun pamaksadan, nya seja nalék
sakali deui. Bilih baé, Néng Siti teras ngolémbar, malum pun alo mah
sakitu buktosna. Ku émutan, ti batan ngolémbar engkéna, nya mending
balaka baé ti ayeuna. Papadaning kitu, simkuring mah percanten ka Néng
Siti, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.
Atuh Jang Omad,
simkuring wantun ngajamin, dugi ka ayeuna masih kénéh ngait ka Néng
Siti. Simkuring minangka sepuhna, tangtos isin binarung wéra upama Jang
Omad lanca linci. Leres pisan deuih, Jang Omad téh masih kénéh
nyorangan, teu acan kantos rimbitan. Dijamin teu aya watek cunihin, Néng
Siti téh éstuning anu munggaran, sareng mudah-mudahan deuih janten anu
pamungkas.
Simkuring saparakanca dongkap ka dieu, tebih-tebih ti
Kalimantan, éstuning teu jingjing teu bawa téh sanés ukur lalambé.
Kaémut panginten, kumaha riweuhna. Tadina badé nungtun munding, mung teu
kasawang kumaha marabanana, kacipta kalahka begang di jalan. Ngabantun
bungbuahan, kuriak buruk mantén. Tungtungna mah ngaligincing. Ongkoh asa
kabebereg ku calon pangantén nu bangun teu sabar. Sajajalan téh ngan
SMS-an baé, “antosan geulis, sakedap deui,” cenah, padahal nembé jrut ka
buruan.
Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar