Minggu, 13 Juli 2014

BISMILAHIROHMANIROHIIM, DINA SURAT AN NISA  AYAT 19 PARANTOS KAUNGGEL PIDAWUH ALLOH,  KIEU


يَا أَيُّهَا الَّذِينَ آمَنُوا لَا يَحِلُّ لَكُمْ أَنْ تَرِثُوا

النِّسَاءَ كَرْهًا وَلَا تَعْضُلُوهُنَّ لِتَذْهَبُوا بِبَعْضِ

مَا آتَيْتُمُوهُنَّ إِلَّا أَنْ يَأْتِينَ بِفَاحِشَةٍ مُبَيِّنَةٍ

وَعَاشِرُوهُنَّ بِالْمَعْرُوفِ فَإِنْ كَرِهْتُمُوهُنَّ

فَعَسَىٰ أَنْ تَكْرَهُوا شَيْئًا وَيَجْعَلَ اللَّهُ فِيهِ خَيْرًا

كَثِيرًا

Anu hartosna Yeuh jalma jalma nu ariman teu halal pikeun maraneh maksa awewe awewe di jieun saperti warisan,jeung maraneh ulah ngaahalng halang kawin maranehna kulantaran hayang mibanda sabagian tisa saneskara harta anu ku maraneh geus dibikeun kamaranehna,kajaba lamun maranehna ngalampahkeun fahisyah ,atawa jinah, kalawan jelas jeung prak geura campur gaul jeung maranehna ( pamajikan)kalawan car aanu hade ,Tuluy upama maraneh henteu suka kamaranehna,muga muga dina perkara anu teu di pisuka ku maraneh teh alloh ngadamel kahadean nu kacida lobana
 a
Mamaos memang raos kadanguna
Galindeng cianjuran ngahudang rasa
Kitu deui
Dua tetep ngagedurkeun geter geter asih
Janten pasini janji seja laki rabi
Kiwari cunduk di waktu ninggang di mangsa
Nitih wanci nu mustari ayi TAUFIK HIDAYAT sareng neng ..........
Didahupkeun di balenyuncung
                
 Assalamu’alaikum Wr. Wbr.

Hadirin anu sami-sami ngaluuhan ieu pajemuhan,

Alhamdulillah, ku panangtayungan Alloh SWT, dinten ieu urang tiasa riung mungpulung, kanggo langkung maheutkeun babarayaan, manjangkeun tali mimitran, antara kulawarga Bapa odang ALM ti ciruum  sareng kulawarga Bapa .......ti ......... oge kalih ti eta...
     Simkuring asmana pun biang , Bapa odang alm, kapapancénan pikeun sasanggem di payuneun para hadirin sadaya  Ari maksadna mah, , seja masrahkeun putrana, Jang taufik hidayat anu gaduh niat ngadahup ka putra Bapa ....., Néng ..... Sanaos ari awak mah simkuring téh misah ti batur, nya jangkung sok sanos letik nanging dina surun-sérén calon pangantén mah rumaos ngatog kénéh. Ku kituna seja tawakup ti anggalna, bilih aya kecap anu milepas meuntas tina jejer.
Bapa.............sakalih kitu deui wargi sepuh sadaya anu sami ngaluuhan ieu pajemuhan. Tepungna Jang Ofik sareng Néng .... téh, éstuning kersaning Alloh. Atuh cenah éta barudak gaduh cita-cita hayang ngahiji, ari kolot mah apan saukur nyambung ku dunga, asal ulah ngarérémokeun baé, asal duanana pada-pada suka henteu ngarasa diamprok-amprok. Nanging, kangaranan anu rék diajar rumah tangga, tangtos dina émprona téh talag-tolog sareng dirarampa kénéh. Biasana rék ulin ka mana gé taya nu nyaram, geus jadi salakina mah tangtu kasengker ku nu di imah. Biasana duit téh dibéakkeun ku sorangan, geus nikah mah kudu diatur ku duaan.  Tah kitu Pa ,,,,,,, simkuring asmana pun biang ,Ibu Rohayati nyérénkeun Jang opik téh sanés mung raga badagna wungkul, nanging sareng sadaya kakirangan anu nyampak dina dirina.simkuring mah percanten ka Néng ......, moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan.   atuh ujang taufik hidayat  Sabada ijab kabul diucap
nami (Nami Panganten Istri) anu satadina dibintian ku nami ramana
baris robih dituntungan ku nami ayi (Nami Panganten Pameugeut)
hartosna
ti danget ijab kabul
tanggel waler dunya akherat
ngeunaan neng (Nami Panganten Istri)
di pasrahkeun ti ramana
ka diri : salira
(hajat nikah mémang kariaan tapi makna nikah nungtut pertanggel waleran)

Tanggel waler salaki ka anu janten garwana, anu kedah ogé dicontoan ku jisim inyana:

kahiji ngeunaan aqidah

inti aqidah nyaéta kalimah toyyibah
Laa ilaaha ilalloh
mangkadé
dina ngalaksanakeun kahirupan anjeun duaan
kakeclakan akidah anu teu diguratkeun ku kangjeng Nabi Muhammad SAW.
Aqidah sing panceg Istiqomah
margi
maot mah saha nu terang
kacida rugelna diri upami isuk jaganing géto
mangsa mulang ka mantenNa
urang teu pinareng
husnul khotimah

kadua ibadah



upami di bumi kagungan permadani anu éndah
moal aya deui anu leuwih éndah
tibatan dua lambar sajadah
anu dianggé solat jamaah

kacida nikmat sareng hidmatna
mangsa ayi (Nami Panganten Pameugeut) ngucapkeun kecap
Waladhdholliin
dina tungtung fatihah
ditémpas ku kecap
Amiiin
tina lambey néng (Nami Panganten Istri)

pon kitu kanikmatan sareng kahidmatan
bakal sumebar tina kecap Amin néng (Nami Panganten Istri)
dina  du'a demi du'a
nu dilafadzkeun ku ayi (Nami Panganten Pameugeut)

Katilu akhlaq

Laki rabi téh teu bénten sareng salambar rambut
anu masing-masing tungtungna dicepengan ku duaan
Ayi (Nami Panganten Pameugeut)آ  di tungtung ditu Néng (Nami Panganten Istri) ditungtung dieu
kedah silih ayunkeun
kedah silih béréan
upami silih betot
tinangtu rambut
bakalan pegat

Akhlaq salaki ka nu janten istri
Akhlaq istri ka nu janten salaki
baris nangtoskeun
hirup kumbuhna
hiji pernikahan

sok sanaos tos laki rabi
mangkadé
akhlaq ka ibu rama
indung nu ngakandung
bapa anu ngayuga

kumelendangna urang di alam dunya
aranjeunna lantaranana

salapan sasih lamina urang aya dina kakandungan anu jadi indung
anjeuna teu tolih nyerina ngababarkeun
méh dua taun cai pinareupna diseuseup ku urang

kanyaah sareng kaihklasan
anu teu kénging dimomorékeun
kapan saur hadits ogé:
sawarga téh ayana dina dampal sampéan anu jadi indung

Upami urang ayeuna tiasa makalangan
eta téh hasil lamokot késangna tuang rama
dibarung ku du'a demi du'a anu teu kendat reureuh
tuang rama tisusut tidungdung
ngagedékeun anjeun para putrana
sangkan hirup hurip bagja waluya


Ayi (Nami Panganten Pameugeut) sareng Néng (Nami Panganten Istri)
sing janten cukang lantaran
ngantengkeun ieu tatali silaturahmi
sangkan syiar kasundaan sareng syiar kaislaman
tiasa langkung lega ambahan
nyambuang saalam dunya

Hirup di dunya henteu nyorangan
mangkadé akhlak hirup kumbuh kamasyarakatan
sing tiasa naritipkeun diri
sing tiasa pindah cai pindah tampian


upami isuk jaganing géto kagungan putra
sangkan janten waladun sholihan
mangkadé
didik ku kaislaman sareng kasundaan

Ayi (Nami Panganten Pameugeut) miwah néng (Nami Panganten Istri)
dinten ieu,

sabuana samarcapada
nyakséni aya dua pamayang papasangan
anu badé ngambah sagara ciptaan Pangéran

bébér layar tarik jangkar

baarokallohu laka
wa baroka alaika
wajama bainakuma fii khoir .Sakitu panginten ti simkuring mah, bilih waktosna kabujeng teu nyekapan. Hapunten tina samudaya kalepatan. Boh bilih aya carita anu teu genah didangu, bilih aya cariosan anu teu mernah dina manah, neda dihapunteun. Da sadaya kasaen eta datangna ti gusti Allah jeung kasalahan eta ti sim kuring pribadi. Sakali deui nyuhunkeun dihapunteun.

Bilahi taofik walhidayah.
Wassalamu alaikum Wr.Wb.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar